Kumargi di lembur cihuang mah jalan teh teu acan di aspal atanapi di beton mung saukur batu eta oge teu acan di setum pami hujan ageung teh sok leuer pisan katambih cileuncang nyandak taneuh beureum ti kebon palih tonggoh tong boro nyandak motor mapah oge mani seusah,
Sok emut kapungkur pami uih ti dayeh nyandak motor kaleureusan hujan ageung pami teu di kempesan eta e'ban atuh teu dugi ka bumi kadang di simpeun di ten lurah tata atanapi sesepuh cihurang.
Di emut emut eta jalan teh atos 13 taun mung teacan di aspal,benteun deui sareng lembur nu palih lebak mah atos 3 kali di beton malihan ageung jalanna teh.
Cihurang,anu kapungkur mah eta teh sawah anu negla jeung subur,sawaktos abdi ninycak ka eta sawah baku nu ayeuna jadi cihurang masih aya keneh solokan ti palih kulon.eta teh taun 2003 sasih april.
Mung nya kitu tea nu loba duit nu kawasa eta cai nu tadina kasawah teh di bawa kalembur ku paralon nu balenghar.ti saprak cai di bawa kaleumbur sawah teh jadi garing nepi ka jadi sawah baku..
Cihurang,jalan gede nu aya di cihurang teh acan lila eta jalan teh meunang gotong royang babareungan ngan hanjakal pas nyieun teh henteu langsung di baleus ku batu karek anyar anyar ayaena di bales ku batu pamasihan ti H.agus.
Anu sabeuneurna bantuan mah unggal taun oge aya,nyaeta jasa lurah alo ngajuken ka amosis.bantuan eta teh teuing lumpat ka mana.
Warga teh ngan saukur bisa ngegel curuk.contona:
a)lembur cihurang mah jalan oge butut jeng leutik ka sered ku jukut
*)sedengkeun lembur jeurukmipismah jalan teh badag nepi ka 2 meterna di tembok oge ges katilu kalina.
b)lembur cihurang mah hayang caang ku listrik teh kudu ngamodal kabel nu panjangna 350 m nepiken ka 600 m,sabab KWHna di lembur batur saKWH teh ata nu ku limaan ayanu ku tiluan
*)Lembur tatangga mah listrik tinggal daptar teu kudu mikiran keur meli kabel anu panjang,
cenah mah listrik geratis ge mareunang.
c)Cihurang hayang cai herang teh hese kudu nalangan ka gunung, era oge aya bantuan paralon ti pamarentah ngan loba pisan anu jail kudu unggal poe di andir.malahan paralon teh di kadek di sumputkeu,kadang neupi ka kebon di bedahkeun,malahan kuring pernah maleum takbiran rame-rame ngandir cai.
*)Lembur nu aya di handapeun cihurang mah
Sabaraha lembur mah nu nalangan tina cai liang nu aya di cihurang.
Soal cai cuhurang mah KERSORANGAN HESE KERBATUR LOBA MOAL KAKURANGAN.....
....
Rabu, 20 April 2016
Lamun hujan gede
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar